PANCAKAKI- sarsilah duduluran
-
PANCAKAKI
Ku
Lia cahyaningrum
Definisina
Pancakaki teh boga dua karti.kahiji,pancakaki teh nyaeta sarsilah duduluran ( system kekeluargaan) dina hiji kulawarga di masyarakat sunda.ngawengku rundayan katurunan,jeung sesebutan parenahna jelema ka jelema deui nu sakulawarga atawa dulur (baraya) keneh. Kadua, pancakaki teh nyaeta mapay perenahna babarayaan.
Macam macam jeung contona
1. Rundayan atawa Turunan
- Bau sinduk nyaeta indung / bapa atawa kolotna kait siwur / gantung siwur
- Kait siwur / gantung siwur nyaeta indung / bapa atawa kolotna udeg udeg
- Udeg udeg nyaeta indung / bapa atawa kolotna canggahwareng / janggawareng
- canggahwareng / janggawareng nyaeta indung atawa bapa kolotna bao
- bao indung/bapa atawa kolotna buyut
- aki nyaeta bapana indung atawa bapa
- nini nyaeta indungna indung atawa bapa
- bapa myaeta lalaki nu boga anak ,salaki indung
- indung nyaeta awewe nu boga anak ,pamajikan bapa
- anak nyaeta katurunan kahiji
- incu nyaeta turunan kadua,anakna anak
- buyut nyaeta anakna incu.
2. Dulur atawa Baraya ti Gigir
- Adi nyaeta dulur sahandapeun
- Lanceuk nyaeta dulu saluhureun
- Emang / paman nyaeta lalaki,adina indung atawa bapa
- Bibi nyaeta awewe,adina indung atawa bapa
- Toa/ua nyaeta lanceuk indung atawa bapa (lalaki atawa awewe)
- Alo nyaeta anakna lanceuk
- Suan nyaeta anakna adi
- Kapiadi nyaeta anakna emang atawa bibi
- Kapilanceuk nyaeta anakna toa/ua
- Incu teges nyaeta anakna anak urang, anak minantu
- Anak teges nyaeta anak sorangan
- Aki teges nyaeta bapana bapa atawa indung sorangan
- Nini teges nyaeta indungna bapana bapa atawa indung sorangan
- Incu ti gigir nyaeta incuna adi atawa lanceuk ,anakna alo atawa suan
- Aki ti gigir nyaeta lalaki, adina atawa lanceukna aki / nini
- Nini ti gigir nyaeta awawe adina atawa lanceukna aki / nini
- Ua ti gigir nyaeta anakna lanceuk aki / nini
- Emang / paman ti gigir nyaeta lalaki, anakna adi aki /nini
- Bibi ti gigir nyaeta awawe, anakna adi aki/nini
3. Dulur atawa Baraya Sejenna
- Besan atawa warang nyaeta indung atawa baoana minantu, mitoha anak
- Mitoha/mertua nyaeta indung atawa bapana salaki atawa pamajikan
- Minantu/mantu nyaeta salaki atawa pamajikan anak
- Dahuan nyaeta lanceukna salaki atawa pamajikan
- Adi beuteung nyaeta adina salaki atawa pamajikan
- Dulur pituin nyaeta dulur asli
- Dulur teges nyaeta dulur saindung sabapa
- Dulur pet ku hinis nyaeta dulur teges , dulur saindung sabapa
- Dulur sabrayna/ dulur misan nyaeta anak paman, bibi, atawa ua teges
- Indung tere nyaeta pamajikan bapa, lain nu ngalahirkun urang
- Bapa tere nyaeta salaki indung , lain nungalantarakeun urang lahir
- Anak tere nyaeta anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
- Dulur tere/dulur pateterean nyaeta anak indung tere/ atawa bapa tere ti popotongan sewang sewang
- Cikal nyaeta anak panggedena
- Bungsu nyaeta anak pangleutikna
- Pangais bungsu nyaeta lanceukna bungsu
- Dulur / baraya nyaeta sakur nu aya pancakakina
- Dulur lands / baraya lands nyaeta dulur / baraya deukeut keneh
- Dulur laer/baraya laer nyaeta dulur / baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh parenahna
- Sapiriumpi / saanak- saiincu nyaeta sakulawarga , sajumlah anggota kulawarga
- Mintelu nyaeta dulur turunan katilu
- Beuti – pamelaran nyaeta sekeseler atawa turunan
- Bondoroyot / kuladawet nyaeta kulawarga , salaki , pamjikan, anak, incu,jste
- Bau- bau sinduk nyaeta dulur keneh ,sanajan geus laer
- Karuhun nyaeta luluhur jalma jalma anu kungsi aya heulaan urang , nu ngarundaykeun urang
- Deungeun deungeun nyaeta nu lian , lain dulur
- Deungeun deungeun / teu hir teu walahir nyaeta teu dulur saeutik eutik acan
- Bibit buit nyaeta turunan asli
Komentar
Posting Komentar